Sabtu, 21 September 2013

Contoh Artikel Bahasa Sunda




NGAHÉMAT CAI DIMIMITIAN TI IMAH


Indonésia sugih pisan dina masalah ngabogaan cai hérang. Tapi,réa kénéh laku lampah urang nu sok ngalebarkeun cai, nyieun cai nu beresih beuki hésé.
Pernah teu ku maranéh kaimpleng nalika ngahurungjkeun keran bedas teuing tuluy caina ngocor tuluy nalika maranéh keur ngaruruan huntu ? kudu uninga sabenernamah, keran cai nu tuluy ngocor dicicingkeun  teu dipareuman bisa miceun cai nepikeun 9 léter per menitna atawa 75 sapoéna. Tah ayeuna maranéh ngabagoaan rasa paduli teu kana bocorna cai dina keran atawa tina sambungan paralon ? cai nu tuluy ngeclak tina keran jeung sakabéh tina sambungan paralon nu diantepkeun kitu waé bisa miceun cai nepikeun ka 1,5 léter sapoéna.
Sabenerna réa kénéh laku lampah urang nu sok boros dina maké cai beresih. Bisa jadi barudak kiwari mah can pernah nempo sumur leuwih-leuwih mata air nu asalana ti gunung. Réa namah cai téh geus ngocor tina keran atawa tinggal glek nginum tina botol. Padahal, cai nu diinum téh nyaéta cai hérang, sedengkeun cai hérang téh 2,5% tina sakabéh cai nu aya di bumi ieu, sésana mangrupakeun cai asin nu di laut. Nasib Indonésia mah rada leuheung, kaasup dina nagara nu kacukupan kénéh ku hujan. Lamun ditalungtik tina rata-rata curah hujanna, bisa nepika 6-10 mm sapoéna téh, malahan leuwih ti sakitu. Indonésia sugih pisan ku cai hérangna.  Hanjakal, dina mangsa usum ngijihna béda-béda, malahan ngabogaan perbedaan nu kaétang nyolok pisan antara 41 nepika 243 poé sataunna. Komo kiwari mah sok kajadian robahna iklim global téa nu ditandaan ku usum halodo nu kaleuwihan jeung usum ngijih nu tutuluyan, ku kaayaan suhuna beuki tarik. Résiko nyanghareupan banjir gék beuki gedé nu nyababkeun kurangna dina nyerep cai.
Cai beresih nu hésé geus jadi masalah nu buhun pisan dina nagara nu keur berkembang mah, dina taun 2025 mah cenah bisa ngancem 2,3 miliar atawa 30% jalma dunia di 48 nagara, nu réana mah nagara nu keur berkembang. Ti pihak séjén, paménta keur cai beresih téh beuki gedé pisan sajalan jeung nu berkembangna gaya paripolah kahirupan jeung beiki kencengna jumlah jalma di dunya téh. Sabalikna, pasokan cai teu nambahan kusabab ngandelkeun jeung gumantung kana cai nu asalna ti jero taneuh. Hal-hal kieu nu nyababkeun cai hérang téh bisa jadi mahal. Lamun dina taun 2010 kajadian urang hararésé ngabogaan cai beresih, karak urang ngabogaan rasa paduli. Naha bet teu ti ayeuna urang ngabogaan rasa paduli jeung bisa ngahémat cai ? teu hésé ngahemat cai beresih mah, mimitian ti imah séwang-séwang.

Penulis : Ahyadi Maulana Yusuf
Mahasiswa Sastra Sunda Universitas Padjajaran Angkatan 2011

8 komentar:

  1. Balasan
    1. Sebelumnya saya ucapkan terima kasih atas kunjungannya dan komentarnya.

      Mohon maaf karena sebelumnya saya tidak mencantumkan penulis artikel di atas. Artikel diatas ditulis oleh Ahyadi Maulana Yusuf mahasiswa Sastra Sunda Universitas Padjajaran.
      Namun bila ada kekeliruan atau kesalahan saya minta maaf yang sebesar-besarnya. Dan saya bersedia untuk mengkoreksinya lagi.

      Hapus
  2. artikelnya bermanfaat bagi umat,,,maksih penulis

    BalasHapus
  3. Komentar mengenak artikel trsbut apa ya

    BalasHapus
  4. Komentar ini telah dihapus oleh pengarang.

    BalasHapus